Minggu, 03 Februari 2013

Jasa-Jasa Pahlawan Sunda (Jawa Barat) / Inohong Sunda



Jasa-Jasa Pahlawan Sunda / Inohong Sunda
Pahlawan Sunda (Jawa Barat), Daerah asal dan Jasa-jasanya
No.
Pahlawan/Inohong
Asal Daerah
Jasa-Jasana
1
Gan Ema (R. Ema Bratakusuma)
Ciamis
·         Ngadegkeun Kebon Binatang Bandung.
·         Ngahijikeun paguron-paguron penca di Tatar Sunda.
·         Ngadegkeun organisasi Daya Sunda.
·         Medalkeun Koran Kujang.
·         Ngadegkeun Yayasan Atikan Sunda.
2
Raden Dewi Sartika
Bandung
·         Ngadegkeun Sakola Kautamaan Istri.
3
Raden Otto Iskandardinata
Bandung
·         Nu nguruskeun BKR.
·         Mentri Negara.
4
Laksamana RE Martadinata
Bandung
·         Tokoh ALRI.
·         Ngadegkeun Sakola Angkatan Laut.
5
Ir. H. Juanda
Tasikmalaya
·         Nyieun waduk Jatiluhur jeung Lapangan Terbang ALRI di Waru.
·         Perdana Mentri Indonesia.
6
KH Zaenal Mustafa
Tasikmalaya
·         Pajuang Islam nu ngalakukeun pambarontakan ka Jepang.
·         Pamimpin pesantren ti Tasikmalaya.
7
Raden H. Iwa Kusumasumantri
Ciamis
·         Mentri Indonesia.
·         Ahli hukum (politikus)



Laksamana R.E. Martadinata
Lahir di Bandung, 29 Maret 1921. Pandidikan HIS di Lahat 1934, MULO di Bandung 1938, AMS di Jakarta 1941 jeung Sakola Pelayaran Tinggi.
LRE Martadinata teu nganggeuskeun Sakola tehnik Pelayaran sabab Jepang geus ngajajah Indonesia. Saterusna LRE Martadinata asup Sakola Pelayaran Tinggi nu dijieun ku Jepang.  LRE Martadinata teh leuwih pinter tibatan babaturanana, LRE Martadinata dijadikeun Guru Bantu. Taun 1944, LRE Martadinata diangkat jadi Nakoda Kapal Palatih.
LRE Martadinata ngumpulkeun sababaraha pamuda siswa Pelayaran Tinggi, anjeunna barhasil ngarebut sababaraha kapal Jepang di Pasar Ikan Jakarta. Saterusna LRE Martadinata jeung babaturanana barhasil ngambil alih kantor-kantor di Tanjung Priok jeung Jalan Budi Utomo Jakarta. Sanggeus pamarentah ngabentuk BKR, pamuda-pamuda palaut mantan palajar jeung guru sakola Pelayaran Tinggi sarta palaut Jawa Unko Kaisya nu dipingpin ku M. Pardi, Adam, Martadinata, Surjadi Untoro jeung babaturan, ngabentuk BKR Laut Pusat nu engkenea barubah jadi TKR Laut, sanggeus eta diubah deui jadi TRI Laut. Bulan Februari ganti nama deui jadi ALRI.
R.E. Martadinata menikah jeung Soetiarsih Soeraputra dikarunia 5 putri 2 putra nya eta :


1. Soehaeny Martadinata
2. Siti Khadijah Martadinata
3. Siti Judiati Martadinata
4. Irzansyah Martadinata
5. Siti Mariam Martadinata
6. Vittorio Kuntadi Martadinata
7. Roswita Riyanti Martadinata.


Keywords
biografi inohong sunda
maluruh biografi inohong sunda
pahlawan sunda jeung jasa-jasana
nama nama pahlawan di jawabarat jasa jasana
jasa jasana rd dewi sartika
pahlawan biografi jeung jasa jasana .b sunda
jasa-jasa pahlawan sunda(jawa barat)
10 inohong sunda jg jasa jasana,asal daerah
jasa jasa pahlawan/inohong sunda alamat

pahlawan jawa barat dan jasa jasanya bahasa sunda
nami pahlawan sareng jasana
Biografi Laksamana re Martadinata

Tidak ada komentar: