Jumat, 07 Maret 2014

Daur Ulang

Tema: Daur Ulang

Pikiran lulugu:

1. Daur ulang nya eta ngumpulkeun jeung ngolah runtah ambeh jadi barang nu berguna nu bisa digunakeun deui.

2. Produk daur ulang teh aya loba pisan rupa-rupana.

3. Daur ulang di Indonesia teh dikembangkeun ku wirausaha nu kreatif.

4. Manpaat daur ulang keur urang jeung lingkungan teh loba pisan.

5. Masalah dina ngolah runtah aya keneh.

Uang Tina Runtah

clip_image002

Daur ulang nya eta ngumpulkeun jeung ngolah runtah ambeh jadi barang nu berguna nu bisa digunakeun deui. Daur ulang geus dikembangkeun keur nanganan masalah runtah nu aya di lingkungan sakitar. Runtah nu lila-lila numpuk di mana-mana kusabab manusa makin loba jeung kabiasaan miceun runtah sambarangan. Di negara-negara maju, ngadaur ulang teh geus jadi hiji hal nu penting pisan. Di Indonesia ngadaur ulang teh tacan didukung ku pamarentah ku aturan-aturan atawa fasilitas nu diperlukeun dina raraga ngarojong daur ulang.

clip_image004

Produk daur ulang teh loba pisan rupa-rupana. Contohna: tas, dompet, selop, jsb. Produk daur ulang eta teh dijieun tina bungkus-bungkus kopi, sabun cuci piring, mie, jsb. Produk-produk eta dijual dina mangrupa harga sasuei jeung tingkat kasulitan jeung hasilna. Dina hiji acara televisi, aya pengusaha nu nyieun dompet tina dus susu murni. Hargana nepi ka Rp. 100.000,-. Produk daur ulang teh unik-unik sabab dipadukeun jeung kreativitas nu nyieunna.

Daur ulang di Indonesia teh dikembangkeun ku wirausaha nu kreatif. Lobana mah ibu rumah tangga nu ngolah sampah ieu teh, sabab kasapoeanana katimu jeung bungkus-bungkus makanan nu teu kapake. Modalna tangtu teu loba-loba teuing keur mulai usaha ieu. Salah sahiji contona nya eta pemenang Danamon Entrepreneur Award. Pemenangna teh mulai usaha ngajualan produk daur ulang ku modal Rp. 500.000 jeung mesin jait. Produkna geus diekspor ka luar negeri.

Manpaat daur ulang keur urang jeung lingkungan teh loba pisan. Lingkungan nu tadina kotor ku sampah plastik bisa jadi karasa leuwih bersih lamun runtahna dikumpulkeun jeung diolah jadi produk daur ulang. Hasil panjualanna bisa jadi tambahan modal atawa keur nambahan uang jajan. Leuwih ti eta, jumlah sampah plastik nu teu aya nilaina bisa ngurangan, tibatan numpuk atawa diduruk leuwih alus lamun diolah jadi barang nu leuwih berguna.

Masalah dina ngolah runtah aya keneh. Runtah nu kacampur antara organik jeung anorganik ngehesekeun proseh milihan sampah. Di luar negeri, runtah nu dipiceun geus dipisahkeun sasuei jenisna: plastik, kertas, jeung organik. Di Indonesia, memang geus mulai dilaksanakeun, tapi pamarentah kurang nyadiakeun wadah runtah nu kapilah. Warga oge can punya kasadaran ngabuang sampah dina tempatna saturut jenisna. Lamun runtah nu dipiceun dipisahkeun sasuei jenisna, ngadaur ulang runtah teh tangtu leuwih hampang sabab milah-milahna bisa leuwih gancang jeung praktis. Lamun di sakitar imah aya nu ngadaur ulang runtah, urang bisa ngumpulkeun bungkus-bungkus makanan nu dipiceun pikeun dibere ka nu ngolah. Kusabab eta hayu urang mulai miceun runtah dina tempatna sasuei jenisna dina raraga ngadukung daur ulang.

Kasimpulan

Daur ulang nya eta ngumpulkeun jeung ngolah runtah ambeh jadi barang nu berguna nu bisa digunakeun deui. Produk daur ulang teh aya loba pisan rupa-rupana. Contohna: tas, dompet, selop, jsb. Daur ulang di Indonesia teh dikembangkeun ku wirausaha nu kreatif. Tina produk daur ulang nu dijual bisa ngahasilkeun uang. Manpaat daur ulang keur urang jeung lingkungan teh loba pisan. Lingkungan bisa leuwih karawat sabab runtah nu teu kapake diolah jadi barang nu bisa digunakeun. Masalah dina ngolah runtah aya keneh, salah sahijina hesena milah runtah atawa ngumpulkeun runtah nu dipiceun pikeun diolah.

Tidak ada komentar: